Sony Xperia E5 - Konci layar

background image

Konci layar

di halaman 11.

Tambah akun Google™ pikeun nyegah jalma sejen pikeun nganggo alat Anjeun upami

dipaok atawa dipupus. Pikeun inpormasi salengkepna, tempo

Kunaon abdi butuh akun

Google™?

dina kaca 9.

Aktipkeun ladenan web “Tangtayungan ku my Xperia” atawa Manajer Alat Android™.

Nganggo salah sahiji ladenen ieu, Anjeun tiasa ti jarak jauh manggihan lokasi, ngonci,

atawa ngapormat alat nu leungit. Pikeun inpormasi salengkepna, tempo

Néang alat nu

leungit

dina kaca 18.

Mariksa kepemilikan alat Anjeun

Basa alat Anjeun dijagi, Anjeun perlu muka konci layar Anjeun make PIN, kecap akses,

pola, atawa nuliskeun inpo akun Google™ Anjeun gumantung kana fitur perlindungan nu

keu Anjeun pake. Di handap ieu aya sababaraha fitur perlindungan sareng sababaraha

kredensial nu diperlukeun:

Perlindungan Reset

Data Pabrik

Anjeun kudu muka konci layar samemeh Anjeun diidinan ngalakukeun Reset Data

Pabrik.

Perlindungan ku my

Xperia

Upami Anjeun ti jarak jauh nga-reset alat Anjeun make ladenan ieu, Anjeun kudu

nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo akun Google™ nu dikaitkeun

sareng ladenan eta. Alat kudu disambungkeun ka Internet samemeh proses panyetelan

tiasa di rengsekeun. Upami heunteu, Anjeun moal bisa make alat Anjeun saatos di-

reset.

Manajer Alat

Android™

Upami Anjeun ti jarak jauh nga-reset alat Anjeun make ladenan ieu, Anjeun kudu

nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo akun Google™. Alat kudu

disambungkeun ka Internet samemeh proses panyetelan tiasa di rengsekeun. Upami

heunteu, Anjeun moal bisa make alat Anjeun saatos di-reset.

Perbaikan software Upami Anjeun make software Xperia™ Companion keur ngalakukeun perbaikan

software, Anjeun dipenta nuliskeun nami nu make sareng kecap akses akun Google™

Anjeun basa Anjeun ngamimitian alat saatos perbaikanna rengse.

Kanggo Manajer Alat Android™, diperlukeun pikeun nulis inpo ti akun Google™. Ieu tiasa akun

Google™ nu mana wae nu tos Anjeun setel dina alat. Upami Anjeun teu bisa nyadiakeun inpo

akun nu sasuai basa proses panyetelan, Anjeun moal bisa make alat eta sama sekali.

Konci layar

Aya sababaraha pilihan konci layar. Tingkat kaamanan tiap jinis konci aya dina daptar di

handap ieu mimiti ti nu paling lemah nepikeun ka nu paling kuat:

Gésék – teu ditangtayungan, tapi anjeun bisa ngaksés Layar utama leuwih gancang.

Pola – gambar pola nu basajan ku ramo jang muka alat anjeun.

PIN – asupkeun paling henteu opat angka nomer PIN jang muka alat anjeun.

Kecap aksés – asupkeun kecap aksés abjad atawa angka jang muka alat anjeun.

Penting pisan yen Anjeun emut ka pola buka konci layar, PIN atawa kecap akses Anjeun.

Upami anjeun hilap inpormasi ieu, anjeun moal tiasa mulangkeun data penting sapertos

kontak sareng talatah.

Upami anjeun atos setél akun Microsoft® Exchange ActiveSync® (EAS) dina alat Xperia™

anjeun, setélan kaamanan EAS tiasa ngawates tipeu konci layar ka ngan hungkul PIN atawa

kecap aksés. Ieu kajadian nalika administrator jaringan anjeun nangtukeun tipeu konci layar

anu tangtu keur sadaya akun EAS ku sabab kaamanan perusahaan. Taros administrator

11

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

jaringan perusahaan atawa organisasi anjeun keur mariksa naha kawijaksanaan kaamanan

jaringan diterapkeun keur alat sélulér.

Fungsi sidik ramo henteu sadia di pasar AS.

Pikeun nyieun pola konci layar

1

Tinu layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Layar konci & kaamanan > Konci layar > Pola.

3

Turutan pitunjuk dina alat anjeun.

Mun anjeun ngasupkeun pola konci salah lima kali urutan, anjeun kedah ngantosan 30 detik

sateuacan nyobian deui.

Pikeun ngarobah jenis konci layar

1

Tinu layar Utama, ketok .

2

Téangan terus ketok

Setelan > Layar konci & kaamanan .

Pikeun ngarobah pola konci layar

1

Ti Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan> Layar konci & kaamanan > Konci layar.

3

Gambar pola buka konci layar.

4

Ketok

Pola teras turutan pitunjuk dina alat anjeun.

Pikeun nyieun PIN konci layar

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Layar konci & kaamanan > Konci layar > PIN.

3

Tulis PIN angka, terus ketok

Teruskeun.

4

Asupkeun deui tur konpirmasikeun PIN anjeun, terus ketok

OK.

Pikeun nyieun kecap akses konci layar

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Layar konci & kaamanan > Konci layar > Kecap

akses.

3

Tulis kecap akses, terus ketok

Teruskeun.

4

Asupkeun deui tur konpirmasikeun kecap akses anjeun, terus ketok

OK.

Pikeun ngaktipkeun pungsi buka konci ku cara Gesek

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Layar konci & kaamanan > Konci layar.

3

Gambar pola buka konci layar Anjeun, atawa tulis PIN atawa kecap akses Anjeun

dumasa dina jinis konci layar ieu diaktipkeun.

4

Ketok

Gesek.

Ngareset konci layar nu poho

Upami anjeun poho PIN, kecap akses, atawa pola konci layar, Anjeun manawi tiasa

ngareset make Tangtayungan ku my Xperia. Taya eusi nu leungkit saenggeus anjeun

milampah reset konci layar make ladénan Tangtayungan ku my Xperia dina alat anjeun
Cara ngaktipkeun ladénan Tangtayungan ku my Xperia, tempo

Néang alat nu leungit

dina kaca 18.

12

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun ngareset konci layar make Tangtayungan ku my Xperia

1

Pastikeun anjeun apal ngaran nu make jeung kecap akses akun Google™ jeung

Anjeun tos ngaktipkeun ladénan Tangtayungan ku my Xperia dina alat anjeun

2

Buka

myxperia.sonymobile.com

make alat nu nyambung ka Internet.

3

Asup make akun Google™ nu sami nu tos Anjeun setel di alat Anjeun.

4

Klik gambar alat Anjeun di handap

Alat Anjeun.

5

Pilih

Konci atawa Robah PIN2 pikeun ngaganti konci layar nu aya make kodeu

PIN anyar.

6

Turutan pitunjuk di layar nu disadiakeun ku Tangtayungan ku my Xperia.

Dumasar dina setelan, alat Anjeun bakal ngonci saenggeus reset konci layar. Anjeun perlu

ngasupkeun ngaran nu make jeung kecap akses akun Google™ supados tiasa make alat.