Sony Xperia E5 - Setelan kamera poto

background image

Setelan kamera poto

Pikeun nyaluyukeun setelan kamera tetep

1

Aktipkeun kamera.

2

Pikeun mintonkeun sadaya setelan, ketok .

3

Pilih setelan nu anjeun hoyong saluyukeun, terus edit nu dipikahoyong.

Langlangan setelan kamera poto

Resolusi

Pilih diantawis sababaraha résolusi jeung rasio aspék sateuacan nyandak poto. Poto nu

resolusina leuwih gede butuh memori nu leuwih gede.

13MP

4128×3096(4:3)

Resolusi 13 megapiksel sareng perbandingan aspek 4:3. Cocog jeung poto nu Anjeun hoyong tempo dina

layar rupek atawa dicitak dina resolusi luhur.

9MP

3920×2204(16:9)

Résolusi 9 mégapiksel maké rasio aspék 16:9. Cocog kanggo poto nu rek ditempo dina layar lega.

8MP

3264×2448(4:3)

Résolusi 8 mégapiksel maké rasio aspék 4:3. Cocog jeung poto nu Anjeun hoyong tempo dina layar rupek

atawa dicitak dina resolusi luhur.

3MP

2048×1536(4:3)

Résolusi 3 mégapiksel maké rasio aspék 4:3. Cocog jeung poto nu Anjeun hoyong tempo dina layar rupek

atawa dicitak dina resolusi luhur.

2MP

1920×1080(16:9)

98

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Résolusi 2 mégapiksel maké rasio aspék 16:9. Cocog kanggo poto nu rek ditempo dina layar lega.

Pangatur waktu otomatis

Make pangatur waktu otomatis anjeun bisa motret sorangan tur teu kudu nyekel alat.

Pake ieu pungsi jang nyokot potret-diri atawa poto grup supados sarerea aya dina poto.

Anjeun oge bisa make pangatur waktu otomatis upami Anjeun hoyong kamera teu oyag

lamun keur moto.

Hurung (10 detik)

Setel jeda 10 detik ti mimiti layar kamera diketok nepi ka poto dicokot.

Hurung (2 detik)

Setel jeda 2 detik ti mimiti layar kamera diketok nepi ka poto dicokot.

0.5 detik

Setel jeda setengah detik ti mimiti layar kamera diketok nepi ka poto dicokot.

Pareum

Poto dicandak langsung sanggeus Anjeun ngetok layar kamera.

Pelacakan objek

Upami anjeun milih objék ku cara noel dina tempo heula, kaméra ngalacak objék éta

kanggo anjeun.

HDR

Pake setelan HDR (High-Dynamic Range / Kisaran Dinamik-Luhur) pikeun moto

ngalawan cahya tukang nu caang pisan atawa di kondisi kontrasna seukeut pisan. HDR

mere kompensasi kanggo wincik nu leungit sareng ngahasilkeun gambar nu ngawakilan

wewengkon nu poek sareng nu caang.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

ISO

Anjeun bisa ngurangan buremna gambar nu disababkeun ku poek atawa subjek nu

gerak ku cara ningkatkeun sensitipitas ISO. Jeung deui, lamun Anjeun hayang moto

gambar nu caang sanajan keur poek, Anjeun bisa nyetel sensitipitas ISO kana nilei nu

leuwih gede.

Otomatis

Setel sensitipitas ISO sacara otomatis.

50

Setel sensitipitas ISO ka 50.

100

Setel sensitipitas ISO ka 100.

200

Setel sensitipitas ISO ka 200.

400

Setel sensitipitas ISO ka 400.

800

Setel sensitipitas ISO ka 800.

1600

Setel sensitipitas ISO ka 1600.

3200

Setel sensitipitas ISO ka 3200.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

99

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pangukuran

Pungsi ieu sacara otomatis nangtukeun paparan nu saimbang-sae ku cara ngukur cahya

nu ngahalangan subjek nu Anjeun hoyong candak.

Tengah

Ngukur bagean tengah gambar, tur nangtukeun cahaya berdasarkeun kacaangan subjek.

Spot

Saluyukeun paparan cahaya di bagean gambar nu pangleutikna nu hayang dipoto ku Anjeun.

Raray

Ngukur jumlah cahaya di beungeut, tur nyaluyukeun paparan cahaya supados beungeut teu poek teuing

atawa caang teuing.

Rata-rata

Etang paparan dumasar jumlah cahya dina sadaya gambar.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motrét.

Lampu kilat

Pake lampu kilat pikeun nyandak poto sawaktos kondisi pencahyaan kirang atawa

sawaktos teu aya lampu tukang. Pilihan di handap bakal sadia lamun Anjeun ngetok ikon

lampu kilat dina layar kamera:

Otomatis

Kamera sacara otomatis nangtukeun upami kondisi pencahyaan merlukeun pamakean lampu kilat.

Eusian flash

Pake setelan ieu sawaktos latar tukang leuwih caang ti subyekna. Setelan ieu mupus kalangkang

hideung nu teu dipikahoyong.

Pangurang panon beurm

Kurangan warna panon nu beureum sawaktos keur nyandak poto.

Pareum

Lampu kilat dipareuman. Sakapeung kualitas poto bisa leuwih alus mun teu make lampu kilat, sanajan

dina kondisi poek. Nyandak poto tanpa lampu kilat butuh leungeun nu ajeg. Anjeun bisa make timer-

otomatis pikeun nyegah poto nu rumeuk.

Senter

Lampu kilat bakal hurung lamun Anjeun moto.

Pilihan pamandangan

Pake fitur pilihan Pamandangan jang nyetel kamera ku cara gancang jang situasi umum

make pamandangan nu geus diprogram samemehna. Kamera nangtukeun jumlah

setelan kanggo Anjeun supados bisa cocog ka pamandangan nu dipilih, mastikeun poto

pangsaena nu bisa dicandak.

Pareum

Fitur Pilihan Pamandangan pareum sareng Anjeun bisa moto sacara manual.

Kulit lemes

Cokot poto raray nganggo epek ningkatkeun kageulisan.

Motret lembut

Pake kanggo shooting poto di latar tukang nu lembut.

Anti gambar surem

Gunakeun jang ngaminimalkeun oyagan kamera pas nyokot gambar di kaayaan poek.

Lansekap

Pake kanggo poto bentuk lanskap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.

HDR koreksi lampu tukang

Pake pikeun ningkatkeun wincik kanggo poto nu kontrasna gede. Koreksi lampu latar nu dipasang di

kamera eta nganalisa gambar tur sacara otomatis nyaluyukeun lampu tukang kanggo nyieun cahya

pamotoan nu sempurna ka Anjeun.

Potret peuting

100

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pake kanggo poto potret nu dicandak basa wengi atawa di lingkungan nu kirang cahaya/reueuk.

Kusabab waktu nampa cahaya nu rada lila, kamera kudu dijejegkeun atawa disimpen dina tempat nu

teu oyag.

Pamandangan peuting

Pake sawaktos moto basa wengi atawa di lingkungan nu kirang cahaya. Kusabab waktu nampa

cahaya nu rada lila, kamera kudu dijejegkeun atawa disimpen dina tempat nu teu oyag.

Sore keupeul

Pake jang nyandak poto nu motona dicekel ku leungeun bari rada poek jang ngurangan gambar

renyek tur rumeuk.

Sensitipitas luhur

Pake jang moto tanpa kilat di tempat nu cahyana kurang. Ngurangan rumeuk.

Gourmet

Pake jang nyokot gambar dahareun nu warnana caang.

Sato piaraan

Pake jang moto ingon-ingon Anjeun. Ngurangan rumeuk jeung mata beureum.

Basisir

Gunakeun jang moto pamandangan sisi laut atawa sisi situ.

Salju

Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil poto nu caang teuing.

Hajatan

Pake kanggo poto di jero ruangan dina lingkungan nu kirang cahayana. Pamandangan ieu nyandak

pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahaya lilin. Kusabab waktu nampa cahaya nu rada

lila, kamera kudu dijejegkeun atawa disimpen dina tempat nu teu oyag.

Olahraga

Dipake kanggo moto objek anu usikna-gancang. Waktos paparan pondok ngaminimalkeun gambar

nu kabur.

Dokumen

Pake kanggo poto teks atawa gambar. Mere poto kontras nu leuwih gede, leuwih tajem.

Mercon

Pake jang moto kembang api nu endah.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.