Sony Xperia E5 - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Langlangan setelan modeu motret

Otomatis superior

Optimalkeun setelan Anjeun pikeun cocog ka pamandangan nu mana wae.

Manual

Saluyukeun setelan kamera sacara manual.

Pikeun pindah antar modeu motret

1

Aktipkeun kamera.

2

Gesek layar ka modeu motret nu dipikahoyong.

Superior otomatis

Modeu superior auto mariksa kaayaan pas Anjeun moto jeung otomatis ngatur setelan

jang mastikeun poto Anjeun alus.

96

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Modeu manual

Pake modeu Manual upami Anjeun hoyong ngatur setelan kamera sacara manual jang

nyandak poto atawa video.

Simpen lokasi

Tambahkeun inpormasi lokasi geografis (geotag) ka poto upami anjeun moto.

Nyandak gambar ku noel

Nangtukeun area pokus, terus toel layar kamera make ramo Anjeun. Poto dicandak

langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun.

Baris kotak

Pilih keur aktipkeun atawa mareuman garis kotak dina tempoan kaméra anjeun.

Tilikan poto otomatis

Anjeun bisa milih jang nilik vidéo saenggeus anjeun nyokot gambar.

Hurung

Saeunggeus anjeun moto, tilikan poto nembongan di pojok handap katuhu layar salila 3 detik.

Ukur kaméra hareup

Saeunggeus anjeun moto make kamera hareup, oto nembongan di pojok handap katuhu layar salila 3 detik.

Pareum

Poto atawa vidéo disimpen saenggeus anjeun nyokot gambar, jeung moal aya panilikan némbongan.

Pake kenop Polumeu jadi

Anjeun tiasa milih cara make kenop polumeu waktos moto.

Zum

Pake kenop polumeu ngazum gede atawa leutik.

Polumeu

Pake kenop polumeu pikeun ngatur polumeu.

Jepret

Pake kenop polumeu pikeun moto.

Sora

Anjeun bisa milih pikeun ngaktipkeun atawa mareuman sora jepret.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Ngan ngajalankeun

Saenggeus Anjeun nyered ka jero, kamera utama dibuka tina modeu sare.

Jalankeun tur potret

Saenggeus Anjeun nyered ka jero, kamera poto dibuka tina modeu sare terus motret hiji gambar.

97

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Jalan jeung rékam vidéo

Saenggeus Anjeun nyered ka jero, kamera video dibuka tina modeu sare terus ngarekam.

Pareum

Warna sareng kacaangan

Anjeun tiasa nyaluyukeun warna sareng kacaangan sacara manual basa ikon setelan

warna sareng kacaangan dipintonkeun.

Imbangan bodas

Setélan ieu, ogé sadia di

Manual modeu motrét, ngaluyukeun kasaimbangan pulas

nurutkeun kayaan kacaangan. Anjeun ogé tiasa ngaluyukeun eksposur sacara manual

dina wewengkon -2.0 EV nepi ka +2.0 EV. Contona, anjeun bisa ningkatkeun kacaangan

gambar atawa nurunkeun eksposur ku cara ngetok kadali tambah atawa kurang luyu

jeung kahayang lamun ikon setélan imbangan bodas dipintonkeun.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kaayaan kacaangan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kaayaan kacaangan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kacaangan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kaayaan di luar rohangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu pinuh awan.